Naskah Gondang Sunda
GONDANG Naskah: Tatang Kosasih team kesenian: GURIANG Rombongan mojang muru kalisung, property/handprof diluyukeun RAMPAK ISTRI : Dina iuh-iuh tanjung Dinakalangkang katapang, deuh Mojang ngarumpul ngariung Nyangking halu rék ngagondang Henteu eureun sukan- sukan Dipirig kacapi suling Kentrung lisung nungagondang Sada ketuk sada kendang, deuh… Harus sumawur ka manggung Hawar-hawar ka béh anggang Sorolok prang sorolok prang Sorolok prang sorolok prang AS ISTRI: Sorolok eor koroncang TUTUNGGULAN RS ISTRI: Yu batur cuang ka lisung Urang makayakeun indung Nutu bari ngahariring Kawihna kawih ladrang Kawihna kawih ladrang Nutu ku halu karuhun Kentrung trung, kentrung Trong trang trong trang trong trang trong trung Trong trang trong trang trong trang trong trung Duh seuyang- seuyang duh seuyang Duh seuyang seuyang duh AS ISTRI : Aduh seuyangseuyang duh seuyang Trang tring tung tarutunggulan Ngagondang talari buhun Nu maranti warisan ti nini aki Tutungkusan adat pamake ba...